naon ciri ciri rarakitan wawangsalan paparikan
B. Daerah
ibnuhanifahridwan
Pertanyaan
naon ciri ciri rarakitan wawangsalan paparikan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Rarakitan, wawangsalan jeung paparikan nyaeta rupa-rupa puisi anu aya dina sisindiran. Sisindiran umpama dina sastra Indonesia hartina sarua jeung pantun. Umpama ditilik tina eusi atawa maksudna, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silih asih, jeung aya sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa humor.
Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran aya dalapan engang. Dina sisindiran aya anu disebut bagean cangkang jeung bagean eusi. Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang jeung padalisan kadua mangrupa eusi.
Dina paparikan jeung rarakitan, tungtung engang padalisan kahiji murwakanti jeung tungtung engang padalisan katilu, tungtung engang padalisan kadua murwakanti jeung tungtung engang padalisan kaopat. Sedengkeun dina wawangsalan mah purwakantina henteu sacara jelas kaciri saperti nu aya dina paparikan atawa rarakitan, purwakanti dina wawangsalan ayana antara wangsal padlisan kahiji jeung salahsahiji kecap anu aya dina padalisan kadua.
Rumpaka anu aya dina paparikan jeung rarakitan rek siga sarua. Anu ngabedakeun paparikan jeung rarakitan nyaeta yen dina rarakitan mah aya hiji atawa leuwih kecap anu aya dina padalisan kahiji anu dibalikan deui dina padalisan katilu jeung aya hiji atawa leuwih kecap anu aya dina padalisan kadua anu dibalikan deui dina padalisan kaopat. Sedengkeun dina paparikan mah taya kecap-kecap anu dibalikan deui saperti dina rarakitan.