B. Daerah

Pertanyaan

Anggeuskeun guguritan sinom di handap!
Di kelas mani hareudang (8-a)
saeuik g̩ taya angin, (8-i)
panon kalah nundutan, (8-a)
___________________ (8-i)
___________________ (7-i)
___________________ (8-u)
___________________ (7-a)
___________________ (8-i) Diambil dari Buku Pamekar Diajar Basa Sunda, Kurikulum 2013, Kelas 8

1 Jawaban

  • Guguritan nyaeta salahsahiji rupa puisi Sunda anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Sinom nyaeta salahsahiji rupa aturan anu aya dina pupuh. Umpama ditilik tina rumpakana, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu teu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda anu kaiket ku aturan nyaeta guguritan jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu teu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak jeung kawih.

    Guguritan jeung wawacan kaiket ku aturan anu aya dina pupuh. Aturan anu aya dina pupuh sering disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru lagu nyaeta aturan anu aya patalina jeung sora tungtung engang dina unggal padalisan puisi. Sedengkeun guru wilangan nyaeta aturan anu aya patalina jeung lobana engang anu aya dina unggal padalisan jeung lobana padalisan dina sapada puisi.

    Di handap ieu nyaeta conto guguritan sinom, anu sapadana ngabogaan eusi salapan padalisan atawa salapan jajar. Dina unggal padalisan ngabogaan guru wilangan jeung guru lagu sorangan-sorangan nyaeta 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a:

    Di kelas mani hareudang (8-a)
    saeutik ge taya angin, (8-i)
    panon kalahka nundutan, (8-a)
    ari sugan mah rek ngarti, (8-i)
    diajar biologi, (7-i)
    mata mah melong na buku, (8-u)
    teu puguh nu dibaca, (7-a)
    boro-boro bisa ngarti, (8-i)
    bet curinghak nenjo awewe ngaliwat (12-a)

Pertanyaan Lainnya