pangaruh timana ayana pupujian dina sastra sunda teh ?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ayana pupujian dina sastra Sunda nyaeta pangaruh tina sastra Arab atawa agama Islam. DItilik tina rumpakana, pupujian kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Pupujian ditepikeun bari dihaleuangkeun atawa dinadomkeun. Pupujian biasa dinadomkeun di mesjid, madrasah, atawa di imah-imah penduduk samemeh waktu saholat, diajar agama Islam, atawa samemeh pangajian.
Pembahasan
Eusi pupujian nyaeta ngagungkeun atawa muji ka Gusti Allah SWT, sholawat ka Nabi Muhammad SAW, pepeling pikeun ka sakabeh jalma, doa jeung tobat ka Allah SWT, atawa pangajaran agama Islam. Kusabab eusi pupujian aya patalina jeung ajaran agama Islam nyaeta ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT, pangaruh nu aya dina pupujian nyaeta pangaruh agama Islam jeung sastra Arab, sabab agama Islam diturunkeun di nagara Arab jeung ngagunakeun basa Arab.
Pelajari lebih lanjut
- Naon anu dimaksud pupujian teh https://brainly.co.id/tugas/12851857
- Conto judul pupujian https://brainly.co.id/tugas/6236234
- Bedana pupujian jeung sajak https://brainly.co.id/tugas/14375844
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Pupujian
Bab : 7
Kode : 7.13.7
Kata Kunci : Pupujian dina sastra Sunda